WILUJENG SUMPING DI SKKS RANCABANG CIANJUR (www.skkscianjur.blogspot.com)

Senin, 10 Februari 2014

PANGAJÉN DIRI

Ajén pangajén salaku diri numutkeun Sunda: lalakon lampah dina pahirupan kudu diwangun ku olahan dasar
élmu dina tuturan adat jeung budaya tuturunan, karuhun anu buhun, pikeun panataran tur panuturan ules watek jeung paripolahna anu ngagambarkeun salaku manusa Sunda sangkan mampu nyumponan: kabutuh alam jiwa, kabutuhan alam pikir, jeung kabutuh alam waruga, sangkan dina nata rasa jeung niti diri, aya kadali atawa elésan, teu mangprung ngaberung sakama-kama, sakarep ingsun.

 Aturan Hirup di alam panyorangan. Kudu pengkuh kana aturan anu di sebut: “tata, titi, duduga, kalih peryoga. 

Tata (aturan léngkah) = tatapakan laku anu kudu napak kana ugeran aturan talari paranti sangkan teu ngarempak aturan, teu “pamali” (hasil kalakuan anu sok jadi mamala goréng). 


Titi (tahapan léngkah) = titincakan laku anu nincak kana paniatan anu surti jeung nastiti. Duduga (sawangan) = rupaning anu rék dilakonan tinangtu kudu disawang heula saméméh disorang, sangkan hasilna caina hérang laukna beunang, anu karasa pikeun kasalametan. (Wiwaha Yuda na Raga). 



Peryoga = ukuran kamampuh pikeun ngajurung laku dina hiji tujuan (kasanggupan anu diukur ku kamampuh). Saperti Ngolah jiwa, keur ngalelemu rasana, bisa di geteran ku cara ngageterkeun sora-sora alam (Rahyang Sora Pagendingan) anu mangrupa waditra seni Buhun ( tradisi). Anu ngagalindengna dina geteran galura jeung daya geterna. Conto leutik tina waditra seni Buhun Sunda, anu mangrupa: Kacapi, waditra seni anu di jentréng atawa anu dipetik. Suling, toléat taléot, lawong (tarompét), waditra anu anu ditiup. Kendang (waditra tepak), dogdog, jeung réa-réa deui. Karinding, celempung, kohkol jeung sajabana. Waditra anu nyangking galura, salaku panggeter rasa anu bisa dirasakeun béda béda sérédétna, tangtuna aya maksud jeung tujuan taya lian geusan ngahudangkeun rasa, sangkan rasa ka hudang geter nu di sebut: Jiwa Ngaras, jiwa ngarus-ras, jiwa nga Raas, jiwa nu ngawaas. Ka jerona jiwa sangkan kahudang rasa anu Rumasa. Basa seni anu didangdingkeunana, nangtu jadi basa keur pangjejer pikeun pangartian, nepikeun rasa anu éling, jamparingna. Basa seni anu dihaleuangkeunana, (ku Tembangna) ébréh teges, salaku mawa “wawanti” tina sora jadi sari keur panepi, tina sora iadi sari keur panghudang rasa.

Sari sora nu maranti wawanti tangtuna mawa hiji wawanti, atawa wanti-wanti basa amanat atawa basa talatah, anu ngajadi tali paranti geusan guareun, geusan bacaeun, sangkan jiwa tetep kahudang sari rasa na rumasa. Jiwa anu kageter jadi rasa anu: NgaRas-, NgaRaas, Ngarus-ras, jeung Ngarumasa-keun. Leuwih teges nu pasti dina ngawanti rasa, anu nalutur dina galindengna catur, dina kecapna saur, tétés jéntré eusina ukur pitutur, geusan: “pépélingan, pepedaran, wasiatan, amanatan pikeun diri lumaku hirup, wawuh ka kujur sangkan akur geusan diri keur ngadiriannana. 


Seni Buhun , salah sahiji cukang luang, anu mundel pisan ku aji ning diri reujeung ajén pangaji rasa, geusan ngaguar diri anu mampu ngahudang sarina ka wening ati: Geusan nembrakeun rasa karumasaan. Geusan ngalayeutkeun pangdeuheusan kawasana. Sarta Geusan mentangkeun jamparing Dunga, PaNuhun diri; ka dirina, ka alamna, tur ka Gustina. Sakabéhna, nyata ka Ungkara, dina kecap nu disusun jadi guguritan basa, dihaleuangkeun, dipirig ku sora gending, ngajamparing melesat ka alam wening, ngajajap jiwa nu nyaring, ka jagat raya sinangling. Nya diri mirasa éling…………………… 


Ka jembaran rasa Kajembaran rasa mangrupakeun salah sahiji adeg pangadeg rasa, anu jadi dasar panataan hirup salaku manusa, anu kamanusaan. 


Kajembaran rasa, mangrupakeun dasar diri anu kukuh, anu nguatan wangunan hirup, sangkan ajeg tur pageuh, moal régrog dina nyanghareupan masalah hirup sakumaha beuratna. Sabab eusining sipat anu nyangking dina kajembaran rasa. Nyata mibanda sipat-sipat di antarana: Nyaahan, deudeuhan, asihan, hémanan, béréhan, mujian, jeung anu utama Hampuraan. Tara Sirik, pidik, jail, kaniaya, cegékan, cedikan, cawadan, irén-pinastrén, dudupak, rurumpak, cawadan, geureuhan, teu kaopan, jeung teu payaan.


 “Sing Saha anu miharep KaMulyaan, Kudu sanggup, ngajauhan Dengki “ Mustikana ngancik jadi pamatri, dina ati anu wening, dina rasa nu rumasa, jiwa nu wiwaha, kalawan pikir anu ngarti. Teges cirina sipat anu ngaJati diri. Kajembaran rasa tara kapolés ku rasa hayang témbong diri, lain ucap anu gelar, lain lisan anu nyora tapi témbongna jadi rasa, anu bisa dirasakeun ku rasa-rasa anu sarasa. ”KaHadéan anu gelar ngan ukur lilisanan, kahadé ngan ukur popolésan (basa - basi). Tapi, KaHadéan anu gelar ku laku jeung lampahna , Nyata teges Sarining kajembaran diri anu ngajati”. Ka jembaran Rasa, tinangtu, bakal teges buktina, nyata aya salaku anu jadi cirina, ku kapribadianana, nyata mancerkeun cahaya budi jeung basana anu katata.
Muga mangpaát, cag!

Tidak ada komentar :

Posting Komentar