Sampurasun anak-incu aki nu balageur!
Ayeuna aki rék ngoréhkeun kakawihan barudak baheula lamun
arulin di buruan imah, nyaéta kakawihan “Ayang Ayang Gung”. Ari kana rumpakana
mah tangtu kabéh oge geus arapal, tapi teu nanaon urang diunggah deui di dieu,
unina kieu:
Ayang ayang gung,
Gung goongna ramé,
Ménak Ki Mas Tanu,
Nu jadi wadana,
Naha manéh kitu,
Tukang olo-olo,
Loba anu giruk,
RUket jeung Kumpeni,
Niat jadi pangkat,
Katon kagoréngan,
Ngantos Kangjeng Dalem,
Lempa lempi lempong – ngadu pipi jeung nu ompig, jalan ka
Batawi ngemplong.
Ieu kakawihan téh timbulna dina waktu jaman pamaréntahan
Walanda (VOC), nyaéta dina waktu mimiti bangsa Walanda daratang ka urang, jeung
terus ngajajah. Dina jaman harita loba bangsa Sunda anu jadi alat nagara, anu
gila pangkat jaeung kalungguhan. Dibasakeun “hayang Agung”, atawa hayang boga
pangkat luhur. Ringkesna mah hayang jadi Ménak.
Ari kecap “ayang-ayang” asalna tina kecap “ ayang-ayangan”,
anu hartina : pada arusaha, ihtiar ka ditu ka dieu, dibélaan kumaha baé, nyaéta
hayang pangkat anu agung téa. Mun jaman kiwari mah loba jalma nu hayang jadi
pamingpin bari kampanye, terus meuli sora nudisebut “politik uang”, “serangan
fajar”, atawa meuli sora, nu penting dirina bisa kapilih jadi pamingpin (boh
jadi anggota wawaki rahayat atawa jadi walikota, bupati atawa gupernur).
Ari kecap “GUNG” nyaéta sora goong. Dimisilkeun dina
kariaan, upama geus kadéngé aya sora goong, pasti bakal aya karaméan
(tatabeuhan). Jadi jalma pada nyaraho kabéh. Tah ieu “gung” di dieu maksuna mah
di mana-mana jalna geuns boga pangkat agung, tangtu tahayat pada nyaho kabéh.
Tangtu manéhna disebut “Ménak”.
Ari ménak téh cék kirata mah “dimemena jeng diénak-énak”.
Hartina pada dihormat, siugung-ugung jeung loba pangolo. Tah kalakuan kieu
“feudal” ngarana, persis siga wakil rakyat jeung pamingpin urang jaman ayeuna.
Ari MENAK KI MAS TANU, hartina kieu: loba pagawé nagara
jaman harita (ogé jaman ayeuna!!) anu tadina rahayat biasa, barodo, tapi
kulantaran éta jalma bisa ngajilat (nyogok jeung suap mun ayeuna mah!) cék basa
aneuna mah “nyemir” alian setor “uang pelulam”, atawa jadi mata-mata ti pihak
Walanda (VOC), nya sok dijadikeun ménak atawa dibéré pangkan”wadana”.
Ari pangkat wadana téh, dina waktu hatina mah saluhureun
camat, kaitung luhur ogé jeung gedé wewenangna. Da éta baé kecap “gamparan” téh
mimiti diucapkeun ka pangkat wadana. Kulantaran éta wadana téh tadina jalma
bodo téa, nya atuh dina prakna digawé téh sakarep-karep baé. Anu ahirna
masyarakat jadi kacow, paréntah simpang-siur (siga jaman ayeuna) Asal loba
sembah, kajeun pagawéan goréng, pasti disebut alus baé.
Karesepna ménak jaman harita dipuji, sagala dipupujukeun.
Komo jeung ditambah make title radén mah. Tepi ka loba jelema (anu baleunghar)
anu harayang boga title radén, dibélaan dibareuli (mun jaman ayeuna mah loba nu
mareuli ijazah palsu).
Upama di dsa ata di lembur atawa kampong aya mojang anu
hérang-hérang, mojang lenjang, sok ulah ku batur. Pasti keur hancaeun ménak.
Bari ari balik ti kampung téh éta ménak téh sok angkaribung ku babawaan
kayaning béas, kalapa, hayam jeung hasil tatanén nu séjénna. Upama aya Bapa
Tani rada beunghar, sok dipaké tempat curak-curak (mu ayeuna mah mun aya
pangusaha beunghar, pajabat téh sok mindeng nganjang ka dinya) komo dina usum
panén mah, kabéh pagawé sok dibawa, terus balakécrakan, suka-suka.
Ari rahatat mah sok lob anu jadi bingung, padahal manéhna
nyaho yén éta Wadana téh tadina mah jalma biasa baé. Kabéh pada karagét, nu
matak jol bae sindir: “Naha manéh kitu?” Tkang olo-olo”.
Saterusna loba rahayat anu GIRUK. Tapi sanajan loba nu sebeleun
ogé, da pugu éta wadana téh RUKET JEUNG KUMPENI (mun ayeun mah DEKAT DENGAN
PEJABAT PEMERINTAH)., teu bisa kumaha deui, ngan ukur nyeri baé din ati.
Jadi saha baé anu ruket jeung kumpeni, biasa jadi PANGKAT (
mun jaman ayeuna mah: SIAPA DEKAT DENGAN PEJABAT PASTI HIDUPNYA HEBAT!). Kajeun
teuing sanajan timbul “kagoréngan” ogé asal jadi pangkat baé, jadi ménak téa.
Jaman yeuna mah kajeun rakyat sangsara ogé asal aing jadi wakil rakyat kalawan
ngahenang-ngahening bari ngalebok duit nagara (korupsi!!).
Rahayat anu wani, aya saurang-urangeun nu sok bebeja ka
Dalem (Bupati). Ngan orokaya, da Dalemna ogé diparéntah ku Gubernur ( Sarua bae
jaman ayeuna oge Bupati the kudu setor ka Gubernur!!) anu ayana di Batawi
(Jakarta). Pokona mah Dalem téh teu boga kakawasaan mutlak. Nu matak disebut
“lempa lempi lempong, ngadu pipi jeung nu ompong” , maksuna mah geuning éta
Dalem téh OMPONG, eueuh sihungan. Kulantaran Gubernur Jenderal the aya di
Batawi, nya di sindiran ku “Jalan ka Batawi Ngemplong” – mun ayeuna mah upami
loba panyogo ka JALAN KA JAKARTA (SENAYAN) MOLOMPONG.
R. Brajayudha III, Pasanggrahan Pakujajar – Juni 2013
Tidak ada komentar :
Posting Komentar