Para
Sadérék! Muga waspada, kana muterna roda jaman sareng kana undang-undang alam.
Margi roda anu muterkeun jaman, undang-undang anu nangtukeun perjalanan. Éta
undang-undang alam, pasti teu robah-robah, henteu saperti undang-undang buatan
jelema. Sing émut!.
Undang-undang Alam.
Dupi
undang-undang alam téh nyaéta hiji pangaturan anu pasti, sarta kuat tur teu
tiasa robah-robah saperti undang-undang nu dijieun ku jelema.
Ieu
undang-undang alam, diayakeunana ku Allah SWT langkung ti payun tibatan alamna.
Sadaya undang-undang, boh undang-undang agama, boh undang-undang nagara,
sadayana kenging nyutat tina undang-undang alam.
Hikmah Allah
nu ngawasa ka sadaya alam, parantos ngajantenkeun adegan manusa, anu kacida
dipunjulkeunana ti adegan-adegan mahluk lianna.
Naon margina
numawi adegan manusa dipunjulkeun ti adegan sa-antéro mahluk? Di leresan ieu
tangtos upami ku jalmi nu parantos uninga kana pangaos salirana ku anjeun mah
tangtos enggal kahartosna sareng rumaosna.
Dina waktos
ieu, sawajibna masing-masing jalmi, kalintang utamina upami kersa ngaos
undang-undang alam. Margi, dina ieu jaman parantos sabaraha peresen robihna tina
jaman nu parantos kalangkung.
Deui, jalmi
nu parantos uninga kana kapastianana undang-undang alam tangtos dina sagala
tindakanana nyandak jalan tengah, sareng tiasa ngawatesanana ku anjeun.
Ieu
rupi-rupi kaayaan sugri nu aya di ieu kolong langit, geus pada ngalampahan kana
kawajibanana séwang-séwangan tur cocog jeung nu ditangtukeun dina undang-undang
alam téa.
Contona,
panon poé téh hiji mahluk anu pang”istiméwana’, éta panon poé ti ngawitan nampi
paréntah ti Allah SWT, saban énjing-énjing kedah bijil ti wétan surup ka kulon,
teu daékeun “iseng-iseng” bijil ti kidul surup ka kalér.
Bulan ogé
nya kitu, ti ngawitan nampi paréntah ti Allah SWT, ti ngawitan ping hiji kudu
némbongkeun dirina saeutik-saeutik, ngan di mana-mana nepi kana tanggal
opat-welas, kudu nembongkeun dirina sagemblengna, tur bijilna ti kulon teu
daékeun ‘iseng-iseng’ tanggal hiji bijil ti wétan.
Petétan
asem, petétan buah aromanis, petétan kamalakian, pék dipelakeun dina satempat
tanah, caina sami, tapi ana geus buahan, tetep buah asem haseum da akar
manjangna nyeuseupna ka nu bakal pihaseumeun.
Buah
aromanis, nya kitu akar manjangana nyeuseupna téh kanu bakal piamiseun.
Kamalakian, akar manjangna nyeuseupna kanu bakal piweuweueun, teu pahili-hili,
teu parebut-rebut. Hak itu keur itu, hak ieu keur ieu. Éta t.éh nyaéta netepan
kana kawajiban nu geus ditetepkeun dina undang-undang alam.
Panon jelema
teu tiasa digunakeun ti peuting, upami teu dibantu ku pakakas anu bisa
digunakeun ti peuting. Margi éta alat paranti awas ti peuting dipaparinkeun ka
maung, ka oray welang, ka lalay, ka beurit sareng sabangsana.
Peurah-peurah,
kamatihan jeung sabangsana dina undang-undang geus ditetepkeun anu dipaparin
hak ngagunakeun éta alat, nyaéta oray gibeg jeung sabangsana, odéng, éngang
jeung sabangsana, légé, kalajengking jeung réa-réa deui, ieu geus ditetepkeun
dina undang-undang alam.
Ieu mahluk
nu ditataan bieu nampana éta alat peurah jeung kamatihan téa, lain beunang
guguru, ieu mah kurniana Allah SWT, nyaéta supaya ku jalma-jalma kaharti yén
hiji-hijina mahluk téh parantos dipaparin kaunggulan anu satimpal jeung anu
dipaparinna.
Jelema teu
bisa lila aya di jero cai, lantaran dina undang-undang alam geus ditetepkeun
alat-alatna ka lauk cai, jeung sajabana. Jelema teu bisa leumpang di
awang-awang, lantaran alat paranti hiber parantos ditetepkeun dina
undang-undang alam ka bangsa manuk-manuk.
Ringkesna,
sadaya mahluk nu badag nu lembut, nu kasar nu lemes, nu katinggali sareng nu
teu katingali. Éta sadayana parantos aya katetepanana dina undang-undang alam,
nyaéta pakeun gerak atawa robah, dina sawaktu gerak sareng sajaman.
Ieu kajadian
nu ku urang keur kajamanan, tangtu ngandung kalimah nu ku urang teu kaharti.
Bukti nu nyata, seueur jalmi nu unggul kapangkatanana, kitu deui seueur jalmi
nu turun martabatna.
Ieu kaayaan
pikiraneun sadaya jalma. Ieu rupa-rupa kajadian pigawéwyn sadaya jalma. Mana nu
hadé dipilampah, mana nu hadé ditunda. Margi, hukum Gusti Allah nu
saadil-adilna dina panutuping poé, bakal ngabalitungkeun tindakan hiji-hijina
jelema.
Gusti Allah
Nu Maha Kawasa, paratos maréntah ka sadaya mahluk, supaya ngawula ka jelema.
Ana kitu,
jalmi téh kedah waspada, ulah beunang diparéntah ku harta-banda, geus kawasa
nguah-ngieuh ka jelema, tangtu jadi bujang harta-banda.
Samangsa-mangsa
geus jadi bujang harta-banda, tangtu éta harta-banda maréntah: “ulah nyaah ka
pakir-miskin, ulah nyaah ka baraya nu teu sarua dunyana, ulah nyaah ka
masyarakat, sanajan keur aya dina kasusahan” jeung sajabana.
Undang-undang
alam, cocog kaayanana jeung diri manusa, lantaran keur ngajaga kasalametan,
keur ngawatesan kalakuan. Keur padoman hirup. Undang-undang alam, cocog jeung
sakabéh jaman. Undang-undang alam nibakeuanana hukum kacida adilna, teu pilih
bangsa. Kajeun pangkat Kaisar, Ratu, Raja, Presiden, saterusna nepi ka naon anu
pakéanana rubat-rabét, upama wani ngalanggar kanu parantos ditangtukeun dina
undang-undang alam, tangtu ditibanan hukuman anu satimpal jeung kasalahanana.
***
Dina sajero
urang rumingkang di alam pawenangan, sagala tindakan kudu ditilik sing nepi ka
kaharti pikajadieunana boh hadé atawa goréng kudu kapanggih ku urang pribadi.
Dina
enggoning ngudag masyarakat dina ieu jaman, nyaéta anu disebat jaman peralihan
atawa jaman ‘baru’, nu ayeuna keur dilampahan, sawajibna kudu bisa maksa
anjeun, ngarobah sagala tindakan nu teu dipikabutuh ku ieu jaman.
Émut-émut
sing kaémut, rumingkang di alam dunya lain pikeun salilana, ngan ukur jadi
panguji, ka diri nu hayang ngarti.
Sulitna élmu
pulitik nu nyebar di alam dunya nu jadi bingung ka jalma.
Usaha urang
ayeuna,
pakeun
ngudag anu enya,
mapay tapak
jalan datang,
wekasan di
kajadian,
anu nincak
jalan bener,
tenang dina
kajujuran,
tangtu
patepung jeung unggul,
tiba kana
kamulyaan.
Sakumaha jalma percaya ka jelema anu enya
nyepeng hukum kaadilan,
nincak jalan
kajujuran,
kecapna
loba nu nyata,
tara sulaya
jeung tapak,
karasa ku
jalma réa.
Manah gunakeun sing enya,
ka pangurus
anu luhur,
ka pamingpin
anu asli,
ku rakyat
sakabéh désa,
ka awéwé ka
lalaki,
boh nu luhur
boh nu handap,
boh beunghar
atawa miskin,
amarah nu
mawa salah, gancang ditatasan,
napsu nu
ngaberung mungprung,
kudu gancang
ditalukkeun,
sina ngawula
ka akal,
sugan bisa
ngalampahkeun babarengan.
Ieu gerak alam dunya jadi sual ka jelema, ku
nu ngarti jadi mukti bisa nambahan pangarti pakeun dunya jeung ahérat.
Ku jelema nu
teu mikir jadi poék kana ati, lamun jalma atina geus lolong, leuwih bahaya
tibatan lolong panonna, boh ka dirina sorangan atawa ka diri batur, bisa jadi
masyarakat ogé ruksak, anu hirup dina lapang masyarakat bari nungtut jeung
diruksak, di palebah mana bisana ngarasakeun buah-buahna, nagara geus merdéka,
dibandungan ku nu daék ngagunakeun pikiranana, loba kecap nu teu nyata jeung
buktina, loba pangaturan nu teu bisa ngabuktikeun eusina.
Geus témbong
tangtu kalakon,
kai teu
kalis ku angin,
lebak nadah
cai leuncang,
hirup
papacangan maot,
ajal teu
nyaho mangsana,
ngariung
bakal pahatu,
jeung
kanyaah bakal misah,
keur sono
sok didodoho,
dipisahkeun
jeung kanyaah,
mungkin
ditambah kenyeri,
mungpang
geus nyampak pakarang,
taya
pigeusaneun ngejat,
nyumput teu
weléh disusul,
peta kitu
peta kieu,
teu suwung
tina kabingung,
bahaya nu ngudag-ngudag.
Ieu bahaya nu ngudag-ngudag moal bisa tepung
jeung nu diudag, upama teu aya katetepan dina undang- undang alam.
Saé papay ti ayeuna,
meungpeung
loba kénéh témpo,
ihtiar
milari élmu,
élmu lahir
élmu batin,
asal daék
maksa anjeun,
usaha
sabudi-akal,
teu ayeuna
dék iraha.
Élmu mawa
caang ati,
banda mawa
poék haté, upama henteu jeung élmu.
Élmu mawa
logor maot,
banda matak
sereg maot, upama henteu jeung élmu.
Élmu matak leuleus ati,
banda mawa
heuras ati, upama henteu jeung élmu.
Élmu dibagikeun rekah,
banda
dibagikeun beak.
Élmu nyaah
kanu miskin jeung ngabéla ka masyarakat, banda sieun ku nu miskin jeung ku
masyarakat.
Élmu mah sok
nyapa’atan ka nu rék maot,
banda mah
sok ngabinasa ka nu rek maot.
Élmu mah sok tara surem ka jalma nu teu
sakelas,sumawonna ka baraya.
Pasanggrahan
Pakujajar, 16 Juni 2013
Tidak ada komentar :
Posting Komentar