SKKS Cianjur// Hayang Ki
Sunda Maju;
Baheula nu
geus kaliwat urang teundeun dina batin guareun sakali-kalieun mun pareng urang
keur nineung nu baheula mah apan geus puguh galurna geus karuhan lalakonna
sanajan ngan ukur béja carita cenah ceuk cekéng Ari Sunda nu ayeuna naon
caritakeuneun jaga mun ngagugulung waé baheula reueus ku nu geus euweuh keukeuh
melang kana tapak taya gadag taya ketak Apan Sunda kudu tandang meruhkeun poé
ayeuna malar Sunda gedé tanaga keur nangtang poé isukan Harepan mah aya di jaga
lain nyampak di baheula baris kahontal henteuna kuma cék ketak ayeuna
Lamun Sunda
hayang maju
atuh ulah
leumpang mundur
nu puguh
kalah tabrakan
pageduk
jeung dulur sorangan
tidadalagor
tibabaranting
antukna éléh
ku capé
ngalempréh
di jajalaneun
dilindes ku
deungeun-deungeun
Nyarita
perkara Sunda ayeuna
nyaritakeun
lalakon nu heureut léngkah
ka hareup
ukur sajeujeuh
ka tukang
kilométeran
teu apal di
poé ayeuna
linglung ka
poé isukan
da bongan
ngagugulung waé kamari
nu kuduna
geus disimpen dina lomari
Béjakeun
deudeuh teuing Ki Sunda, bejakeun rumasa geus katalimbeng...
"Kaula keur nyiar jalan anu samar, nutur galur nu
geus lebur, mapay lacak nu geus hanteu katara ! Kaula mah ngageuing anu hanteu
aréling, keur sarasar kamalinaan ! Mudu nitah dia sasadia pieun ngadegkeun
Lawang Sakéténg ! Coba ayeuna pangdeuleukeun, wayah iraha mudu kaula muka kedok?
Tidak ada komentar :
Posting Komentar