Mandala ngaronjatkeun rasa KASUNDAAN
nu geus luntur ku waktu laas ku jaman.
Sasieureun sabeunyeureun utamana
dina mulasara basa jeung budaya.
.
Seuweu Siwi Siliwangi
Wening Galih - Jembar Manah
Baraya SKKS kedah gaduh sipat
.NYUNDA - NYAKOLA - NYANTIKA - NYANTANA - NYANTRI
Ki Sunda !
Iket teh pikeun meungkeut kagorengan, kasombongan, jeung niat kalakuan
anu teu hade sangkan muncul silih asih silih asah jeng silih asuh. Iket
panutup mastaka nu gaduh arti budaya nu tiasa ninggalkeun ciri has
perorangan sareng daerah nu tiasa dianggo ku sakabeh masyarakat nu gaduh
nilai positif. Iket sarua jeung harga diri sabab dipasang dina sirah,
sok sanajan hargana murah tetep merenah dinas sirah, moal sambarangan
jalma bisa ngajamah,
Rupa atanapi bentuk iket aya opat juru nu
ngandung siloka dina diri urang aya opat unsur nyaeta cai, angin, seuneu
jeung taneuh. Iket pikeun nyengker akal pikiran jeung kalakuan sangkan
hirup masagi anu ngandung harti eta tekad ucap jeung lampah teu pasula
teu leupas tina galur para leluhur, teu boga rumasa aing pangpunjulna,
rasa aing pangpinterna sagala nafsu anu matak ngabalukarkeun karugian kabeh diparekos.
Hal ieu dumasar kana kasauran sepuh anu bentukna pasagi kalawan ningal
kana kahirupan sepuh kapungkur anu hirupna sok ngautamakeun tali
silaturahmi silih ragangan silih ajenan teu paduli taneuh sameter ceuk
paripaosna ari pikeun kahadean salembur mah teu lebar dibebaskeun.
Urang hirupkeun deui kabiasaan hade sepuh kapungkur anu teu weleh someah
kasasama sok sanajan teu wawuh tapi teu weleh silih ajenan ngajaga
tatali wargi. Kumargi sim kuring mah kirang masagi perkawis iket, mung
ukur tiasa meulitkeunana wungkul, iket sanaos meulit dina mastaka urang
namung saleresna mangrupi hiji symbol pameungkeut hate pikiran sareng
nafsu supados teu lepat panujuna, ngangge iket hartosna parantos siap
lahir sareng bathin, eta filosofina mah, tapi jujur sim kuring teu patos
ngartos naon ari filosofi teh mung numutkeun pamendak sim kuring mah
dina bentuk opat juruna kuayana hias motifna nepi tilep ditilepna tug
dumugi kadipakena aya gambaran langkah hirup jelema sareng prinsip
hirupna mana anu bakal dicokot, ku iket kasilokakeun pisan kumaha hasil
akhirna. Diiket, diiket…! Iket dianggo dina mast
aka ngandung
gambaran yen dina mastaka teh aya akal pikiran dina sajeroeunana, akal
jeung pikiran anu bisa ngabedakeun nu bener jeung nu salah matak
ditutupan ku iket pikeun ngajaga pikiran jeung akal supaya teu ngaler
teu ngidul ngulon jeung ngetan, supaya panceg dina galur ajeg ngadeg
dina udeg-udeg,
Tidak ada komentar :
Posting Komentar