NYAKOLA
Salah sahiji hal anu mindeng para guru mangsa kiwari jadi
dumareuda nyaéta nalika ditanya ngeunaan fungsi institusi sakola. Sebenerna basajan
pisan, fungsi sakola nyaéta pikeun ngawangun paripolah! Anu antukna aya
kaitanana jeung ieu téh geus lila pisan sabenerna urang Sunda miwanoh kana
palasipah sakola. Sakola ngarupakeun paripolah atawa sikep akademis anu kacida
jelas tungtunanana dina Al Qur'an
.
"Jeung mangkadé anjeun ulah nurutan (migawé) sarupaning bab anu anjeun henteu
miboga élmuna, saenyana pangrungu, paninggal, jeung haté sakumna bakal dipénta
tanggung jawabna." [al Isra:36] Pangjéntré palasipah sakola nyaéta kumaha
urang dina maripolah sapopoéna, pangpangna dina migawé hiji ham, kudu dumasar
kana disiplin élmu anu jelas. Patani jeung élmu tanina, politisi jeung élmu
politikna, tentara jeung ilmu militerna,
padagang jeung élmu dagangna, guru jeung élmu atikanana,
jeung sajabana. Manusa nu nyakola bakal katinggali ogé dina mangsa manéhna
ngomong atawa nepilein hiji argumen. Sabab didasaran ku élmu satuluyna
argumen-argumen atawa
kekecapanana bisa babari dipiharti ku pihak lian.
Sikep nyakola ogé
bakal nyegah urang gampil dihasut atawa
diprovokasi. Manusa anu nyakola bakal nalungtik jeung nimbang-nimbang
saasak-asakna dina mangsa narima pangajak pikeun ancrub kana salah sahiji
pasualan atawa kaayaan. Sikep nyakola mawa urang kana kaayaan pinuh ku
panimbang-tarayju jeung pinuh ku panalungtikan dina harti anu positif.
Sshadé-hadéna institusi nu pangwangun sikep nyakola
(idealna) nyaéta sakola formal. Parandéné kitu ieu lain “harga mati”. Henteu
saeutik anu mampuh ngawasa sarupaning kaahlian tanpa ngaliwatan margana sakola.
Jadi, dina kaitan kaayeunakeun, sikep nyakola henteu kudu “berbanding lurus”
jeung kahontalna daria sakola. Kacindekan: Sikep nyakola nyaéta paripolah
dumasar kana skala kepinteran intelegensia (IQ).
NYANTIKA
Nyantika asalna tina kecap santika anu hartina atikan. Dina
konteks ieu nyaéta atikan anu gembleng anu henteu ngan dihontal nvaliwatan
marga daria sakola. Sikep nyantika miboga dangiang anu béda dibandingkeun jeung
sikep nyakola. Lamun sikep nyakola boga tujuan dina kemampuhan intelegensi ari
sikep nyantika mah nekeunkeun dina pangawasaan emosional. Jalma anu miboga
sikep nyakola tanpa diiringkeun ku sikep nyantika bakal jadi jalma sombong,
egois, jeung arogan atawa merekedeweng.
Sikep nyantika nyaéta saluyu jeung dawuhan Allah swt dina Al
Quran: "Sakumna (manusa) ka jalan Rabb-anjeun jeung hikmah atikan anu hadé
jeung tolak maranéhanana ku cara anu hadé" (Q.S. An-Nahl : 125).
Secara operasional, urang Sunda miboga sawatara babasan anu
sabenerna sacara universal ngaujuk kana ayat di luhur. Babasan saperti malapah
gedang jeung caina herang laukna beunang nyaéta salah sahiji contona. Paribas
atawa babasan éta mangrupa pesen turun-tumurun subagé "pusaka"
malahmandar urang Sunda ngajauhan tina sikep konfrontatif anu tangtu bakal
ngahasilkeun kontra produktif. Mangabad-abad lilana nyatana urang Sunda aya
dina cita rasa anu luhur dina hal human
relation. Sahiji ajén nilai anu perlu dilestarikeun sakuat tanaga.
Kacindekan : Sikep nyantika nyaéta paripolah anu dumasar
kana skala kapinteran emosional (EQ).
NYUNDA
Baheula balaréa urang Sunda hirup dina “isme” Sunda anu
gembleng. Tah ieu anu dina jamanna diistilahkeun subagé “nyunda”. Sendi-sendi
kahirupan saperti ekonomi, politik, sosial, budaya, pertahanan, jeung kaamanan
sakumna dumasar kana isme Sunda. Dina hal budaya misalna: ti mimiti seni, basa,
busana, teknologi, nepi ka padumukan jeung panganjrekan, kabéhanana dumasar
kana budaya Sunda.
Sajalan jeung waktu sendi-sendi kasebut hiji-hiji jadi udar.
Anu utamana leupas tangtuna agama. Hal ieu kacida “kasat mata” anu antukna mayoritas
urang Sunda ayeuna ngagem Islam. Kondisi anu tangtuna baé kacida dipihanjeluna
ku maranéhna anu masih dalit nganut agama karuhun. Parandéné kitu tangtu baé
henteu dipikahanjakal, samalah disyukuran, ku urang Sunda anu boga kayakinan
yén Islam téh hiji-hijina agama anu haq.
Tah kitu leupasna sendi-sendi kasebut, leupas hiji hiji anu
antukkna ngan nyésa hiji sendi wungkul anu kondisina geus di tungtung tanduk.
Sendi éta nyatana basa Sunda!
Jaman aeyuna konsep
nyunda tangtu hkudu diséréd. Sacara nyantika urang tangtu teu bisa
ngondisikeunana, komo deui kalayan dipaksa, supaya urang Sunda bisa nyunda dina
harti siga jaman baheula. Kumaha bisana urang meredih barudak ngora jaman
ayeuna kuliah kalayan make calana pangsi, kameja kamprét, iket barangbang semplak,
jeung mawa laptop ngagunakeun kanjut kundang. Urang ogé henteu mungkin masang beungeut sangar nalika para
nonoman ngadéngékeun lagu-lagu milik Nining Meida AS ku basa Sunda tapi dipirig ku musik diatonis.
Tuluy naha aya syarat pangiritna supaya
urang Sunda disebut nyunda ? Aya, nyaéta lamun manéhna daék ngagunakeun basa
Sunda wakti “berkomunikasi” jeung sasama urang Sunda. Tangtu dina kontes
"tepat waktu sesuai tempat".
Kajaba sendi agama, sabenerna sikep nyunda bisa dibalikkeun
kana konsep awalna. Tangtu baé saluyu jeung babasan “nincak hambalan” saluyu
jeung prioritas. Jeung prioritas yeuna nyaéta ngupayajen nyegah sangkan basa
Sunda henteu leungi lebih ilang tanpa karana. Ieu penting pisan ngingetkeun yén
basa téh syarat minimal manusa Sunda bisa disebut nyunda.
Kacindekanana: Syarat minimal hiji jelema disebut nyunda
nyaéta daék ngomong ku basa Sunda.
NYANTRI
Kecap nyantri boga konotasi jeung je;ema anu maluruh lmu
agama Islam di pesantrian atawa pesantrén. Hal ieu masih kénéh jadi paradigma
balaréa di masyarakat urang ngingtkeun ayana dikotomi antara definisi sakola
kana definisi pesantrén. Henteu babari meresihan paradigma ieu sanajanayeuna
geus loba pesantrén modern anu sacara komprehensif henteu ngan ngatik imtaq
tapi ogé iptek. Mangkan dina konteks ieu panulis kudu "ngéléhan" tina
paradigma umum anu nempatkeun pesantrén subagé institusi atikan anu orientasina
ngan wungkul dina masalah imtaq.
Iman jeung taqwa nyaéa dua parameter sakaligus barometer
Islam anu “berbanding lurus". Beuki luhu rkadar iman hiji jalma beuki
raket kataqwaanana. Ki deui sabalikna. Taqwa mindeng dikaitkeun kana Allah
jeung iman. Malahan taqwa mimitina tinai iman. Taqwa tumuwuh tina iman. Iman
nyaéta perkara asas anu perlu dipeka di jero haté jalma leuwih ti heula. Lamun iman
anu dipelak téageus sajati kakara bakal lahir taqwa dina diri éta jalma. Sabab
iman téh hambalihambalan, henteu sakabéh hambalan iman bisa ngahasilkeun taqwa.
Jalma anu iman can tangtu taqwa. Tapi jalma anu taqwa geus tangtu imanna.
Dawuhan Allah ta’ala:
"Saenyana jalma-jalma anu ariman téh ngan jalma anu lamun disebutkeun nami Allah tuluy ngageter haté maranéhanana téh,
jeung lamun dibacakeun ka maranéhanana ayat-ayat Kamituluy beuki nambahan
kaimananana téh. (QS. al-Anfal: 2)
Taqwa nyaéta kumpulan skumna kahadéan anu hakékatna mangrupa
parippolaj hiji jalma pikeun nangtayungan dirina tina hukuman Allah jeung
kataatan anu sagemblengna ka Mantenna. Asal-usul taqwa nyaéta ngajaga tina
kamusyrikan, dosa jeung kajahatan sarta hal-hal anu matak jadi cangcaya
(syubhat).
Dawuhan Allah dina surat Ali Imran ayat 102 anu unina,
“Geura taqwa anjeun skaumna jeung sebener-benerna taqwa jeung sam-sakali anjeun
ulah maot kajaba dina kaayaan muslim”, boga harti yén Allah kudu diturut jeung
henteu ditolak, diiinget jeung henteu dipopohokeun, ditasyakuran jeung henteu
dipapalérkeun.
Kacindekan : Sikep nyantri nyaéta paripolah anu dumasar kana
iman jeung taqwa (imtaq). Dina élmu psikologi ngadeukeutanana nyaéta sikep anu
dumasar kana skala kapinteran
spiritual(SQ)
Tidak ada komentar :
Posting Komentar