WILUJENG SUMPING DI SKKS RANCABANG CIANJUR (www.skkscianjur.blogspot.com)

Selasa, 11 Juni 2013

PIWEJANG KA BARAYA SKKS:

Sunda ngagagas rasa,
Rasa dulur nu saruntuy , baraya nu sarunday,
Ngahijikeun rasa nu mibanda adat, budaya jeung basa Sunda,
Anyam simpay masing pageuh, pikeun meungkeut ngarah raket,
Nu jauh dirangkul, nu anggang ditéang
Ngawengku dulur sangkan akur
Ngabeungkeut deungeun sangkan tengtrem.

Teu cueut kanu beureum teu ponténg kanu konéng,
Teu ngabogaan rasa punjul ti batur, nu loba ngatur henteu akur,
Kanu ripuh kudu wawuh najan ngaku runtuy Ratu,
Ka papada ulah ngabéda-béda najan aya terah Raja,
Ka cacah ulah maréntah, komo direujeungan ku amarah,
Teu digugu ulah bendu, mun dipungpang ulang narajang.
Rempug jukung sauyunan ngarasa ti Pasunda-an,
Ngamumulé babarengan ulah rék wenang-wenangan
SEUWEU SIWI SILIWANGI - WENING GALIH - JEMBAR MANAH!
CAG!

1 komentar :

  1. alhamdulilah tos ngade.bagje pisan kasep bageur
    R.wiraatmadja
    https://www.facebook.com/BorizYeltsin

    BalasHapus