simbut awak beurang peuting,
tahan ku panggoda napsu,
tumaninah keur ibadah.
« Baju aING baju waja,
baju SUNda kabuyutan,
bajuna sajamang hideung,
tah kujang ageman aing.
« Uyut aing aki Rombéng,
lalaki teuneung jeung ludeung,
ngaprak-ngaprak unggal wayah,
nebarkeun jala pangruwat,
« Pangruwat tina sasalad,
malar janglar sabuana,
papantunan pantun aing,
montong dilalaworakeun. ~
Lumungsur ping 19 Oktober 2011
Tidak ada komentar :
Posting Komentar